Biografi Raden Sagofarana Sagara Herang Subang

"RADEN ARIA WANGSA GOPARANA"

         >Nagara Pajajaran, karajaan Hindu anu pangahirna di Ta­tar Sunda (= Jawa Barat), "burak barik" dina taun 1579. Runtagna Pajajaran teh ku ayana panarajang wadyabala Banten dina jeroning nyebarkeun agama Islam. Awahing ku keukeuh peu-teukeuh hoyong tetep ngagem agama asal nya eta agama Hindu, Raja sareng Ratu Pajajaran teh mutuskeun langkung sae "ngahiang" sanaos moal mulih deui tinimbang sumerah raga atanapi lebet aga­ma anyar. Samemeh les leungit tan katingalan.sanggem sakaol,Raja sasauran heula, di antawisna: "Lalakon urang ngan nepi ka poe ieu najan dia kabehan ka ngaing pada satia, tapi ngaing teu wasa mawa dia pipilueun, milu hirup jadi balangsak ngilu rudin bari lapar. Sabab pikeun ngaing henteu pantes jadi Raja amun somah sakabehna lapar bae jeung balangsak
" Saparantos Raja sa­reng Ratu ngahiang(nilem), para gegeden nagara paburencay teu puguh anu dijugjug, asal rnubus ka gunung atanapi ka leuweung geledegan, supados buni teu kapanggih, malar tiasa nebihan agama anyar. Duapuluhdua taun Dayeuh dikantun ku raja, "Watu Gigilang" Sriman Sriwacana, nya eta batu paranti ngistrenan raja, di"boyong" ku urang Banten. Dugi ka ayeuna masih aya di Banten, sarta Pajajaran henteu wasa deui ngistrenan raja.
Ti harita dayeuh Pakuan, ibukota Pajajaran, anu sakitu rame sareng resikna teh sakedet netra les leungit malih warni janten leuweung luwang-liwung sapertos anu satia ka raja,alim dikantun. (Henriques de Leme, urang Portugis anu kantos dongkap ka dayeuh Pakuan, nyarios yen warga dayeuh teh langkung ti 50.000 jalmi. Kanggo waktos harita mah jumlah sakitu teh kacida seu-eurna lir ibarat Jakarta kiwari) Kakayon di leuweung teh lang­kung ti munding arageungna, pangeusina ukur sato alas anu garalak meong-maung tingharaung,
1)     Data numutkeun CUcundulbond, didasarkan kana lebetna agpma Islam Aria Wang-sa Goparana dina taun 1525 S* (1603 MX
Salasawios putra Prabu Silih Wangi anu panutup, jenengan Munding Sari,ngejatna teh ka daerah Talaga di suku gunung Ce-reme. Sariaos caket ka puseurna agama Islam di Cirebon,na-nging kanggo harita mah Talaga teh kalebet buni. Di Talaga aya karajaan Talaga anu tetep nganut agama Hindu. Ti ngawitan taun 15297Talaga parantos kalebet ka wilayah Cirebon, rayat-na oge katelah rayat Cirebon.
Munding  Sari kagungan putra, jenengan Munding  Sari  Leutik, Munding Sari  Leu tik, puputra   Pucuk Umun anu janten Sunan Talaga.   Pucuk Umun   calikna dileresan Bantengirang.   Salajengna Pucuk Umun   anu kawentar sakti, puputra Sunan Parung Gang-sa.   Sunan Parung Gangsa puputra Sunan Wanapri jumeneng ratu di Talaga.     Sunan  Wanapri  puputra  Sunan  Ciburang.     Sunan Ciburang teh sakti mandraguna, weduk teu texirak ku pakarang. Sadaya  rundayan Prabu Sihwangi nu kasebat di luhur tetep ngagem agama Hindu. Salajengna   Sunan  Ciburang kagungan  putra  dua, jenengan
anu cikal Aria Wangsa Goparana, anu ngarundaykeun para bupati Cianjur, anu nganggo gelar Wira Tanu. Ti ngawitan Wira Tanu IV. gelarna teh ditambih, janten Wira Tanu Datar.
Aria Wangsa Goparana sareng panembahan Girilaya lalebet agama Islam, kalayan henteu kapameng janten ulama ageung, leket ibadah sareng tapa, kuru cileuh kentel peujit sadidinten, malih kagungan pasantren ageung. Patilasan eta pasantren aya-na di Talutug (Kacamatan Sagaraherang). Kumargi Aria Wang­sa Goparana rai-raka lalebet agama Islam, kapaksa kedah ngan-tunkeun karaton Talaga, lajeng angkat sakaparan-paran, mi-pir gawir mapay lebak ngalangkungan leuweung geledegan, nya anjog di kampung Nangkabeurit kiwari kalebet ka Kacamatan Sagaraherang, Kabupaten Subang. Di dinya anjeunna ngadegkeun nagri atanapi negri (Wld = negorij, Sansk = Desa), anjeunna janten DalemT nya eta kapala atanapi pamingpin nagri. Numutkeun war-
tos mah samemeh ka Nangkabeurit teh, calik di Gunung Gedogan sareng Gunung Layung heula.

           Rd. Aria Wangsa Goparana teh panjang yuswana, namung henteu aya katerangan anu pasti sabaraha taunna mah. Sakadar kanggo bahan nginten-nginten tiasa dicandak salasawios taun anu pasti, sapertos taun lebetna Islam ka Talaga, 1529.
Aria Wangsa Goparana pupus dina taun-taun abad ke-17, dipendem di kampung Nangkabeunt, Kacamatan Sagaraherang, Kabupaten Subang, ngantunkeun putra seueurna 8:1. Jayasasana, anu sabada jumeneng Dalem nganggo gelar Wira Tanu, 2. Wiia-diwangsa, 3. Candramanggala, 4. Santaan Kumbang, 5. Yudana-gara, 6. Nawing Candradirana, 7. Santaan Yudanagara,.8. Nyi Murti.
Saparantos Aria Wangsa Goparana pupus, Sagaraherang mah masih ngagaduhan lalakon malah rayatna oge ngiring kabaud.
Dina taun 1579 keneh sabada Pajajaran runtuh, aya bupati ageung muncul, jenenganana Pangeran Geusan Ulun, weweng-konna kasebat Sumedang Larang. Geusan Ulun ngangken yen iabagian ageung tilas wilayah nagara Pajajaran teh kalebet bawahan Sumedang Larang, di antawisna Sagaraherang. Na-nging para bupati aralit sabada Pajajaran runtag teh ngaraos bebas sareng mandiri, ringkesna henteu kabawah ku Sumedang Larang. Kawuwuh anu ngarubuhkeun Pajajaran teh Banten. Numutkeun kabiasaan waktos harita tilas wewengkon Pajajaran teh kedah janten wewengkon Banten. Ku margi kitu kapaksa Geusan Ulun ngerahkeun wadyabala kanggo nalukkeun para bupati aralit nu ngaraos parantos mandiri, nanging anu dipa-yunkeun dixurug teh wewengkon basisir kaler sapertos : Ka-rawang, Ciasem, Pamanukan sareng sajabina, sanaos di eta tempat teh nuju aya balad Banten.
Usaha Geusan Ulun teu acan rengse anjeunna kabujeng pu­pus, lajeng digentos ku putrana jenengan Pangeran Kangga Gem-pol I (1601-1625), anu digentos ku Pangeran Rangga Gede (16Z5-1633), Kangga Gede digentos ku Pangeran Rangga Gempol II (1633-1656), anu digentos deui ku Pangeran Rangga Gempol III (1656-1706).   Dina jaman Pangeran Rangga Gempol I dugi ka Rangga Gempol III mah naluk-nalukkeun bupati aralit   teh leler. Mung ngawitan Pangeran  Rangga Gempol III usaha ngawangsulkeun wewengkon Sumedang Larang teh janten panas deui.   Ti taun 1529 keneh oge Talaga parantos kalebet bawahan Cirebon nu akibatna Sagaraherang oge janten lebet ka Cirebon kumargi dianggap dibuka ku rahayat Talaga. Barang ngadangu yen Rangga Gempol III   ngalajengkeun usaha Geusan Ulun, enggal bae Cirebon taki-taki ngajagi wates di pagunungan Cimapag sareng pagunungan Cianjur.   Para pa dagang Sumedang dipegat, anu keukeuh maksa ngaliwat barangna dirampas.    Pangeran Sumedang lapor ka VOC di Batavia (D.20 Januari 1678} nyuhunkeun supados pagunungan Cimapag sareng pagunungan Cianjur diamankeun deui, VOC henteu nedunan pamundut Sumedang rupina bae sajalan sareng pulitik "divide et impera"~na. Lajeng Pangeran ngerahkeun wadyabalana ka dayeuh Cidamar, Sagaraherang sareng Cikundul (D.30 Agustus 16/8 , U. 2 September 1678).    Sabagian rahayat Cidamar,  Sagaraherang sareng Cikundul diboyong ka Sume­dang,   margi   ku  ngaboyong  rahayat  teh  hartosna ngarebut wilayah. Teu ku hanteu, Sumedang dim rug ku wadyabala Banten ti palih Pagaden, malih Cili Widara anu mingpin wadyabala Banten kenging dua taun ngabupatian Sumedang. Atuh wewengkon Sa­garaherang teh sawatawis taun wangsul deui ka Cirebon, aya anu dicepeng ku Sultan Sepuh sareng aya sabagian ku Sultan Anom. Namung hentue kantos lami kabujeng dongkap VOC anu ngangken yen   wewengkon  sakuloneun  walungan  Pamanukan  teh janten wewengkon VOC dumasar kana kontrak antawis Amangkurat II (Mataram) sareng VOC ping 19-20 Oktober 1677.
Stumble
Delicious
Technorati
Twitter
Digg
Facebook
Yahoo
Feed

0 komentar: